MIKAWANOH KARINDING
MIKAWANOH KARINDING
Karinding mangrupakeun salah sahiji alat musik tradisional sunda nu dijieuna tina pelepah kawung (enau) atawa awi.
Aya sababaraha tempat nu biasa ngajieun karinding, saperti di lingkung Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya, Ciamis, Lewo Malangbong, Garut, jeung Cikalongkulon.
Karinding kabagi jadi tilu bagian nyaeta ruas kahiji di ujung belah katuhu nu jadi tempat keur nepuk karinding, sahingga nimbulkeun resonansi kana ruas nu tengah. Salajengna, di ruas tengah aya guratan awi nu di potong ipis sahingga pas keur di tepuk ku ramo jadi ngageter eta awi nu ipis teh. Nu ka tilu, ruas paling kenca nu fungsina keur nyekelan karinding.
Cara maenkeun karinding nyaeta ku cara nempelkeun ruas bagian tengah payuneun baham atanapi cangkeum nu rada di bukakeun, tuluy pas ujung ruas nu paling katuhu ditepuk make hiji ramo sahingga karinding ngageter beraturan nu engkena diresonansi ku cangkem si pamaen.
sora nu di kaluarkeun bakal tergantung tina rongga cangkem, nafas, jeung letah.
Secara konvensional, saur tuturan Abah Olot, nada atawa pirigan dina maenkeun karinding aya opat jenis, nyaeta : tonggeret, gogondangan, rereogan, jeung iring-iringan.
Comments
Post a Comment