Raraga Mieling Jadina Galuh Ka 1405 Taun

RARAGA MIELING NGADEGNA GALUH KA 1405 TAUN


Assalamu'alaikum Wr Wb
Sampurasun 
Mieling Ngadegna Galuh ka 1405 Taun lumangsung dina kaping 23 Maret 2017 di Joglo Museum Galuh Pakuan Jambansari Ciamis. 
Dina Raraga Mieling Ngadegna galuh ieu janten hiji acara nu nyambungkeun tali silaturahmi antar kabuyutan sa Kabupaten Ciamis. Oge dina acara ieu urang sadaya tiasa ngemutan tur ngado'akeun para karuhun-karuhun urang sadaya nu tos ngantunkeun, khusus na ka para karuhun tatar Galuh nu tos ngadegkeun ieu Galuh ti kawit kapamingpinan nu di pimpin ku Rd Adipati Panaekan dugi ka Rd Adipati Aria Kusumasubrata dina sistim Pamarentahan Bupati. 

Acara ieu di hadiran ku para kabuyutan sareng sesepuh nu aya di tatar Galuh, oge di hadiran ku kabuyutan ti Sumedang sareng Bandung, di hadiran oge ku bapak Ketua DPRD sareng ti Kepolisian Kabupaten Ciamis.
Aya oge rundayan acara nu di dugikeun atanapi nu di laksanakeun dina Raraga Mieling Ngadegna Galuh sapertos di handap : 
Foto Raden Heri Pandji Jayadiningrat IX.
Baris duluhur kantos di pedarkeun rundayan acara, salianti eta aya oge hasil dokumentasi nu kakumpulkeun ku Wedana Mancanagara ti Puseur Galuh tiasa klik didieu.

Panginten mung sakitu informasi nu kapihatur, pamugi tiasa manfaat kanggo nu maos oge nu nyerat, hapunten boh bilih aya kalepatan tina pedaran.
Wassalamu'alaikum Wr Wb

Comments